Gazebo-na Ayah Kiki

HomeWilujeng Sumping - Welcome - Selamat DatangDec 27, 2007
Wilujeng sumping di web ieu. Hatur nuhun tos ngaluangkeun waktos kanggo ngaakses web ieu. Web ieu ngahaja didamel kanggo palipur kakangenan kana kasundaan. Nya oge lumayan ngobatan kakangenan kana jaman ka pengker. Oge web ieu didamel kanggo silaturahim sareng dulur sadayana nu ngalanglang di mancanagara. Mudah-mudahan we aya kekengingan nu positif tina komunikasi ngalangkung web ieu.

Web ieu oge hiji bukti yen sim kuring teh teu gaptek teuing, he ... he ..... Upami teu dipapanas ku Ayi Didin, rencang sakantor, mah puguh we moal aya web ieu teh.Hatur nuhun Ayi.

Insya Allah dina web ieu moal aya nu porno-porno, ah nya ngan ukur kotretan kereteg hate, sakolebatan ide, atanapi naon we nu hoyong dikotretkeun dina ieu web. Mangga bilih aya nu bade ngomentaran, kenalan manjangkeun silaturahim, nu ti kulon-na, ti wetan-na, nu puguh mah langkung sae nganggo basa Sunda.

 Kitu deui upami aya saderek lulusan: SD Mohammad Toha 2 Bandung lulusan taun 1982 (gigireun Kebon Kalapa tea, nu kapala sakolana masih ibu Tuti Gartiah, guru olahragana Pa Sabin, guru matematikana Pa Jaja), SMP 11 Bandung lulusan taun 1985 (di jalan H Syamsudin, nu kapala sakolana masih Pa E Kosasih BA, guru agaman Pa Iim Ibrahim, ketua OSIS na Cendria tea, kembang sakolana neng Teti Aryanti), SMA 4 Bandung lulusan taun 1988 (nu sakolana di Gardu Jati, nu kapala sakolana masih Pa Ahmad Hamid, guru basa sejarahna bu Halimah Syamsu tea) hayu urang teang deui mangsa ka tukang, nostalgia kitu lah. Komo upami aya saderek Asep Sutrisna mah, rencang sakelas di kelas hiji SMP 11 Bandung, mang taun-taun teu patepang.

Pangapunten ka sepuh-sepuh, saderek-saderek sarjana basa Sunda upami seueur lepat basa di ieu we. Da sanes lulusan basa Sunda sim kuring mah. Ngan ukur urang Sunda nu hoyong ngotret-ngotretkeun caritana dina basa Sunda.
.
Photo AlbumPhotosFeb 13, 2008
ddd
dThumbnaild
ddd
Brisbane yeuh
18 Photos, 1 comment
ddd
dThumbnaild
ddd
Fauzia Laras Qiani
5 Photos, 1 comment
ddd
dThumbnaild
ddd
Duaan di Bali
6 Photos

   View All
.
Blog EntryBlogJan 3, 2008
He… he…., ulah reuwas nya ningali poto nu kasep di luhur. Muhun-muhun, eta mah sanes poto sim kuring. Poto nu aya di kanca pang payunna nyaeta potona Jensen Ackles, pamaen pilem Amerika nu dipikaresep ibu-ibu ayeuna teh. Muhun lah da paromanna ge... more
   View All
.
MessageGuestbook
   
tjetjep1912 wrote on May 21
punten...ngiring ngiuhan sakedap...kumaha daramang di dieu?.....
ukhtisahara wrote on Apr 26
hai....
nice site
jangan lupa mampir ya.....
qiani wrote on Apr 10
ayah, latar belakang multiply ayah ganti donk.. soalnya terlalu polozz:-( tau kan caranya? kalo gak tau minta tolong ya2s aja. ya2s siap membantuu....(~_~)
qiani wrote on Apr 10
maklum yah centil. kan cewe. hiii.:-)
qiani wrote on Apr 10
helooOO???
qiani wrote on Apr 10
ayah yayas udah bisa ganti theme loh!!..
qiani wrote on Apr 10
halo ayah.. gimana caranya buat foto di multiply sih??
ogutbiru wrote on Feb 19
euleuh euleuh,...ini teh susu,.. :p
abdi teh teu tiasa bahasa sunda euy,.. abdi doakeun mugi2 sukses salalu diditu boss, gitu aje kali yee,..
halah...sunda kok jadi betawi :p
agusdidin wrote on Feb 19
ngiring mampir Juragan, kumaha daramang nu diditu teh..?
baktos nya kanggo Kang Kirk Geronimos, oge kanggo Tanya Samson anu geulis kawanti-wanti, endah kabinaria... eh kabina-bina :D
.
.
ReviewReviewsJan 3, 2008
Biasa lah, pilemna Dedi Mizwar mah yahud. Pilem Naga Bonar, bodor pisan. Tapi jigana masih keneh langkung sae nu heubeul. Tora Sudiro maenna asa biasa wae, jiga nu teu pati tiasa ngimbangan maen aktingna Dedi Mizwar
   View All
.
.
© 2008 Multiply, Inc.    About · Blog · Terms · Privacy · Corp Info · Contact Us · Help